Rabu, 27 Agustus 2008

Guguritan

Babaturan Lalaki

(Balakbak)

Itu saha lalaki nu jarawatan, Si Oded

Pagaweanna nyolokan liang ceuli, ngagere

Kabeukina -kabeukina parud kalapa digoreng, sarundeng (Dida D)


Ari itu budak jangkung anu kasep, Si Asep

Di sisina aya istri mani geulis, Si Neneng

Duanana-duanana papah sareng umat-imut, ngarendeng (Winda LA)


Nu dibaju gombrang-gambreng disasamping, Si Dasep

Buuk make jeli bari sura-seuri, nyerengeh

Kabisana-kabisana ngaca wae dina eunteung, gumasep (Indri LD)


Beungeut hideung huntu nyenghol reujeung tonggar, Si Boneng

Gawena teh ngaheureuyan ka awewe, ngalonyeng

Ka lalaki-ka lalaki tara aya nu kaliwat, dioleg (Taufik)


Awak leutik goreng patut beuki dahar, Si Bogel

Sarena teh siga cacing kapanasan, merengkel

Lamun nangtung-lamun nangtung henteu bisa ajeg jangkung, da beke (Hamdan)


Lamun budak hiji deui mah ngaranna, Si Komeng

Gawena teh unggal poe sok ngabodor, ngabojeg

Mun geus cape-mun geus cape manehna sok terus sare, nyangkere (Husni H)


Tidak ada komentar: